Senin, 17 Oktober 2016

DOWNLOAD TEKS MODERATOR/MC PENGAJIAN BAHASA SUNDA

Bismillahirahmanirahim
Assalamualaikum wr wb
  
Alhamdulilahirabibil`alamin wabihi nasta`inu a`la ummuriddunya waddin washolatu wa shallamu a`la asryofil anbiya`i wal mursalin wa a`ala alihi wa shahbihi ajma`in amma ba`du
Para pemuda pemudi anu sami sami mingharep ridho oge maghfirah Allah SWT. Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja puji sinareng rasa syukur ka Allah SWT. Anu mana atas izina urang sadayana tiasa ngempel di ie maqom dina raraga milari elmu.
Teu hilap sholawat sinareng salam mugi salamina tetep tercurah ka junjungan urang sadayana nyaeta nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka para keluargana, sahabatna, tabi’in, tabiuttabi’in dugi ka urang salaku umatna.
Para pemuda pemudi sadayana, singkuring selaku pembawa acara bade ngadugikeun susunan acara dina pangaosan wengi ayeuna, diantawisna:
1.                  Pembukaan
2.                  Pembacaan ayat suci Al-Qur`an
3.                  Kultum
4.                  Tausyiah
5.                  Penutup
1.    Para pemuda pemudi sadayana mangga urang langsung wae kanu acara nu kahiji nyaeta pembukaan. Mangga urang buka wae ieu pangaosan ku bacaan basmallah sasarengan “Bismillaahirrahmaanirrahiim”
2.    Anu salajengna nyaeta acara nu ka 2 nyaeta pembacaan ayat suci Al-Quran. Anu ingsya Allah bade di ‘aoskeun ku saderek ....... waktos sareng tempat mangga nyanggakeun ka anjeuna
*Hatur nuhun ka saderek .... anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Quran. Mugi tiasa nambih ka imanan sareng kataqwaan khususna kanu ngaoskeunana, umumna kangge urang sadayana.
3.    Para pemuda pemudi ayeuna nincek kanu acara nu ka 3 nyaeta kultum. Anu ingsya Allah bade di dugikeun ku saudara/saudari ......
*Hatur nuhun ka saderek ....... anu parantos ngadugikeun kultumna mudah mudahan tiasa bermanfa’at kangge urang sadayana.Amiin
4.    Para pemuda pemudi sadayana, anu salajengna nincek kanu acara nu ka 4, nyaeta tausyiakh. Anu Ingsya Allah bade di dugikeun ku ustadz ....
*Hatur nuhun ka ustadz ..... anu parantos ngadugikeun tausyiakhna. Mudah mudahan sagala rupi anu parantos di dugikeun tiasa bermanfa’at kangge di amalkeun kana kahirupan sadidinten. Amiin.
5.    Para pemuda pemudi sadayana. Alhamdulillah pangaosan ti kawitan dugi ka akhir parantos rengse. Anu salajengna nicek kanu acara terakhir nyaeta penutup. Mangga urang tutup wae ieu pangaosan ku ‘aosan do’a kaffaratul majlis sareng hamdallah sasarengan.
“Subhanakallahumma wabihamdika asyhadu allailahailla anta astaghfiruka wa’atubu ilaik”
 
Allhamdulillaahirabbil’aalamiin.
Wassalaamu’alaikum warahmatullaahiwabarakaatuh.
Bagi yang ingin mendownload TEKS MODERATOR/MC PENGAJIAN BAHASA SUNDA dalam format word silahkan anda dapat mendownloadnya di bawah ini:


https://userscloud.com/bxcg06lr5d3c 

G+

Comment
 
back to top